Rabu, 10 Februari 2021

               Mangpaat teknologi dina Kahirupan


     Handphone atawa sering di sebut ponsel nyaeta salah sahiji pakakas komunikasi anu fungsina hampir sarua jeung telepon kabel, tapi bisa dibawa – bawa sabab teu make kabel. Di jaman kiwari, handphone geus jadi lumrah. Sagala umur rata – rata miboga pakakas komunikasi ieu, ti mimiti ibu – ibu, bapa – bapa nepi ka budak SD.

Manfaat Handphone pikeun pelajar, di antarana nyaeta :

Salaku pakakas komunikasi jarak jauh, handphone bisa di gunakeun pikeun ngagampangkeun pelajar pikeun ngumpulkeun babaturanna lamun rek kerja kelompok atawa ngerjakeun pancen babarengan.
Handphone dijieun pikeun ngagampangkeun kahirupan manusa, ieu kabukti yen para pelajar kabantu ku ayana handphone. Contona di luar jam sakola, siswa bia silih nanya jeung babaturanna ngeunaan pancen, boh dina sms atawa nelepon. Jadi siswa teu kudu kaluar ti imah.
Handphone bisa digunakeun pikeun neundeun data jeung bisa dibawa kaman – mana. Manfaat ieu contona, siswa bisa nyatet materi jeung bisa ngapalkeun di mana – mana.

     Kukituna urang salaku pelajar kudu bisa ngagunakeun handphone atawa pakakas komunikasi lainna kalawan bener – bener. Bisa nimbulkeun manfaat anu leuwih loba tibatan mudaratna. Sabab sagala teknologi, bisa manfaat atawa ngarugikeun gumantung kana sikep nu makena.

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda